Naskah Upacara Adatpaturay Tineung [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

NASKAH UPACARA ADATPATURAY TINEUNG SISWA / SISWI SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDANGujungjaya BUBUKA Biantara : Mitra kaum dangu sadaya anu mika cinta kana seni sunda, khususna urang sunda nu luhung kupanemu, jembar kukabudayaanna, , dina ieu acara, nyaeta paturay tineung siswa / siswi kelas XII SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDANGUJUNGJAYA, bade di papag ku mangrupi ”Upacara adat”. Kukituna, simkuring saparakanca ka papancenan kanggo mingpin jalana ieu upacara. Tapi timpah tipayun bilih ku bisi rempan kusugan, aya gending kirang nyaring atanapi haleuang nurada sumbang, hapunten nukapihatur wireh nembe di alajar. Oge peryogi kauninga ieu upacar adat, mangrupi produksi ti SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDANGUJUNG JAYA anu dipupuphuan langsung ku Bpk. Kepala Sekolah.



Oge di wuwuh ku siswa siswi ekstrakulikuler SENI SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDANGUJUNGJAYA PALAWARGI SADAYA SALAJENGNA SUMANGGA URANG SAMI-SAMI NGALEUNYEPAN JALANA UPACA ADAT PATURAY TINEUNG SISWA / SISWI KELAS XII SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDANG UJUNGJAYA. ( dengan intonasi yang keras ) PROLOG : (geder gamelan jeung gelikna suling) Nitih wanci numustari Ninggang mangsa nu utama Mangsa lawas geus karandapan Seuweu siwi harepan nagri Geus tutas tolabul ilmi Kiwari rek di istrenan



UPACARA ADAT PATURAI TINEUNG SISWA / SISWI KELAS XII SMK WIDYA NUSANTARA (WIN) SUMEDAN GUJUNGAYA DIKAWITAN I.



GENDING OVERTURE/GELIKNA SULING



II.



RAJAH (KUNOSARI) 1



Amit ampun nya paralun Bilih manawamanawi Manawa ku sugem manah manawi bahan katampi Neda agung nya tawakup Neda jembar panghampura Pun sampun ua hampura Manawi tatamu saha Rumaos ua leleda Sakedap antosan heula Ua munut kasalira Kanggo nyebarkeun bewara Kasakumna balarea Pun sampun Kula sebarkeun sumping Tuh atra ngalet ngalabring Der gending gera ramekeun Bral miang geura papagkeun Bur payung geura bukakeun Bur payung geura bukakeun Bur payung geura bukakeun



III.



PAYUNG (Gending pajajaran) Sampiung ngapung ka manggung Ngapak mega ngawang-ngawang burudul Burudul sarung bajuna berabai sawidak depa rup kusambut rap kulemahi anggeus ........ Kadingdangan angin peting Kahalangan mega melang ieung ....... Lentong sagede papatong Lentang sagede bangbara Tarki batan mimis bedil Lepas batan kuda lumpat Awak wawuh jeung nu lembut awak loma juragan Duh jeung dewata



Pur ngempur cahya ngempur Kujang karancang kawangi dilugas Dilugas kembang katresna Tutungkusan Pajajaran Kujang kemben papasangan ieung Kekemben saksi nya lampah Nya lampah ingkang sorangan Kujang kemben mapasangan Lambang atikan ka heman Ayeuna rek di sanggakeun Kujang kemben tuturunan ieung Tampi ku hidep duaan 2



IV.



PONGGAWA + UMBUL-UMBUL ( Gending sampak )



V.



LENGSER HEUREUY (gending kotrek)



VI.



LENGSER MIDANG ( Renggong Buyut ) Rumpaka :



VII.



Tuh ki lengser tandang midang Rengkak ninggang wirahmana Gandang pisan kepatna, SOLALI ..... LALI



Susumping kupangrautan Sabukna ku waring rabik Hurung cahya gumebyar SOLALI ..... LALI



Manggul utus dawuh ratu Nyubadanan titah raja Payus pisan lakuna



Muru bende kabuyutan Sangkan tingkeb sanagara Tuh nya di alun-alun



Raksukan sutra dewangga Calanana cinde kuning Iketna di modang –modang Tuh gandang Geus miang mapag nudatang Pertentang SOLALI ..... LALI



Pada karumpul sadaya Raja ratu bade sumping Di papag ku upacara Pangbagea Para tamuna sadaya Bagea



TARI PUTRI (Pamayang Gending catrik)



Nagri mashur Katelahna siliwangi Patilasan Pajajaran Jung nangtung masing nanjung Padungdung ngudag hareupan Geura tandang makalangan



Jung nanjung, jung nanjung Hidep teh sing geura jucung Mugi gusti nangtayungan VIII.



GENDING LALAYARAN (Jajap dua wakil siswa Ka luhur panggung) Rumpaka : 3



Haturan Atuh haturan Haturan hidep duaan Haturan ka sadayana Sadaya anu lalinggih



Dinten ieu dinten ieu Mugi tineumu jeung bagja Berkah nu maha kawasa Lungsur langsar nu dimaksud



Sumangga atuh sumangga Sumangga hidep duaan Anu bade diistrenan Sa enggeus rengse nyiar elmu IX.



PROLOG (Satos wakil sisiwa kls XII aya diluhur pangungn) Narasi : Deg randeg, Dipangadeg sawangan kahayang Di dieu tutug rahayu, Di dieu Giling kaasih Umbul-umbul nawaetu Mancuh saestu



X.



Warna warni pulasna Mareng jeung warnaning Jirim lir katumbiri Tuh paul diditu Ngebreh dinu hate Jungjunan hayu urang geus deukeut Geus meumeut, tug dugi ka jucung



BAPAK KEPALA SEKOLAH MIWAH BAPA KETUA DEWAN KOMITE NAEK KA LUHUR PANGGUNG Prolog : Bpk. kepala sekolah di sarengan ku Bpk. ketua dewan komite DI haturanan kanggo naek ka luhur Panggung ( Lengser nga jemput kepala sekolah, Gending Sampak)



XI.



SUNGKEM (Gending kacapi suling)  Narasi Perwakilan siswa kls XII : Aduh ibu bapa Katampi ku astakalih Kasaeyan ti salira Dipatri na sanubari Piduana nudi pundut Pikeun pibekeleun abdi Bade neraskeun sakola Ngawujudkeun cita-cita Mugi kersa weninggalih Ngahapunten dosa abdi 4



Nu kantos nyesahkan pisan Ngaping pinuh kasabaran  Narasi Kepala sekolah/ ketua dewan komite : Dedeuh Anaking …….. Mangsa geus dating hate nyoreang Kamelang rejeung honcewang Sok sieun anjeun sulaya Rek lumaku heunteu tineumu jeung bagja LUmampah te manggih jalan Kanyaah bapa reujeung ibu moal sulaya Najan geus pasti umrang paturay Papisah bakal paanggang Bakal papisah pajauh jeung lahir Najan kitu tapi ari batin mah Tetep urang ngahiji HIdeup anaking………………………………… Najan kudu paanggang tina teuteupan Miang di barung ku niat Mangka kade anaking Hirup teh heunteu gampang Pinuh ku cucuk kuringkang Bawa diri ati-ati……………………………….. Deudeuh anaking Panto surge geus ngemplong Pikeun anjeun indit ninggalkeun Ibu jeung bapa Seahna angin peting anu nimbus kanu jajantung Mere tanda anjeun bakal indit Jung………..jung anaking……………... Geura indit…………………………………. Di bareung ku pidua ibu reujeung bapa Mudah-mudahan cita-cita hideup sing tinekanan Jadi jalma anu di pirido ku alloh Swt, Amin, ya robbal alamin……….. XII.



PENCOPOTAN ATRIBUT Prolog : Bpk.kepala sekolah disumanggakeun kanggo ngalaksanakeun pencopotan atribut, lajeng masrahken perwakilan siswa kelas XII, ka bapa ketua dewan komite, wirehna nandakeun Sadaya siswa kls XII parantos di Psrahkeun ka orangtuana masing-masing.



XIII.



TUTUP 5



( Bpk. Kepala sekolah, Bpk. ketua dewan komite oge perwakilan siswa kls XII miwah sadaya tim upacara adat lungsur ti luhur panggung) Gending : Catrik, Lagu Dareuda Rumpaka : Paturay pileuleuyan pileuyan Tiayeuna urang the bakal paanggang Anggang soteh ukur dina titinggalan Tebih soteh duh dina reretan Dina manah Urang tetep sasarengan Dina kalbu te paanggang Na emutan batin tetep sauyunan Pileuleuyan pileuleuyan duh lain paanggang



6