Conto Naskah Upacara Adat Pangbagea. Goens [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

CONTO NASKAH UPACARA ADAT PANGBAGEA 1. PROLOG Batur jenuk mangka weruh Balarea mangka waspada Papayung agung mancuh saestu Emban mapayang tandana naratas jalan Kalayan nyebat bismillahirrohmanirrohim Upacara mapag panganten dikawitan (Goong 3 X) 2. GENDING BUBUKA (Boboyongan) 3. RAJAH LENGSER Amit ampun nya paralun ka gusti nu maha suci Neda pangraksa pangriksa Para abdi-abdi seni Kulon wetan kidul kaler Luhur handap tengah sisi Pun sampun ua hapunten Manawi tatamu saha Rumaos ua leleda Sakedap antosan heula ua munut kasalira Seja ngebarkeun bewara ka sakumna balarea pun sampun Kula ngebarkeun nu sumping Tuh atra ngaleut ngalabring Der gending geura ramekeun bral miang geura papagkeun Bur payung geura bukakeun



Bur payung geura bukakeun Bur payung geura bukakeun



4. PANGAPUNGAN (Tari Payung) Nya urang papantunan Kumelendang jeung kalangkang..........Baheula Baheula sapajajaran saprabu Sabale gandrung Nu gandrung kasunda tandang...........Urang Urang nindang jejemplangan Ngajemplang jemplingkeun diri Ulah rek kabareurangan Sipelung ngalingkung lembur Pedang urang rarancagan Rancag batan kuda lumpat Tarikna ku dedegungan Debat kabalae rancage........hayu diditu Ngempur gumebyar 5. LENGSER MIDANG Kunang-kunang Tuh wa lengser leumpang gandang mani ginding Lir satria leumpang gandang seja midang Totopongna condong udatna julat jalitrong Kumisna ngaroyom teu beda jeung maung ompong Dikampret ngelebet henteu weuleh rurat reret Panona meletet bari reujeung kulat kelet Leumpang bari dangah sieun pisan salah lengkah Sakapeung balangah ampir tigebrus ka kulah Batur-batur aya nu rek kajadian Aya tatamu garinding Aya menak nu garandang



6. SUNGKEM LENGSER PAPATET Paralun lain mantunkeun Lain ngabade badekeun Palias kabina bina Lain ngusik kula mandi Maksad rek leumpang munggaran Wiwitan seja lumampah Mukakeun lalangse pipinding Muka lawang kabagjaan 7. CATRIK HANJUANG Pelakeun hanjuang siang Tancebkeun handeuleum sieum Dina jajantung urang duaan Teundeun sampeureun mangsa rek datang Pasangkeun subaya cinta Kaitkeun pasini batin Sina gumulung ngajadi hiji Cangreud sing pageuh mangkade udar Tembongkeun deudeuh kameumeut Tepungkeun rasa kanyaah Sina gumulung ngajadi hiji Geura prak simpay rasa duaan