Upacara Adat Ngeuyeuk Seureuh [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Daftar Isi Daftar isi........................................................................................................................1 Kata Pengantar.............................................................................................................2 1. Upacara adat ngeuyeuk sereh.....................................................................................3 2. Alat / bahan anu kudu disiapkeun..............................................................................3 3. Cara ngalaksanakeun ngeuyeuk sereh........................................................................4 Anggota kelompok..........................................................................................................5



1



Kata Pengantar Puji sinareng syukur urang ronjatkeun kehadirat Alloh SWT anu tos masihan rahmat sarta karunia-na kaurang sadaya anu alhamdulilah tiasa ngarengsekeun ieu Makalah dinawaktuna anu di judulan “Upacara Adat Ngeuyeuk sereh”  Makalah ieu eusina ngeunaan kumaha Upacara Adat Ngeuyeuk sereh anu ditugas keun ku pengajat bidang study bahasa sunda. Kumargi kitu simkuring saparakanca nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun ieu makalah pikahareupeun. Oge simkuring saparankanca ngaharepkeun ieu makalah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pangawanoh para siswa.



Bandung, 21 april 2017



2



1. Upacara Adat Ngeuyeuk seureuh Ngeuyeuk seureuh teh nyaeta paheuyeuk-heuyeuk jeung beubeureuh/panutan atawa kabogoh, hartina diajar babarengan ngurus/migawe hiji pagawean anu hasilna rapih tur hade. Ngeuyeuk seureuh saenyana mah ngadidik kumaha carana rumah tangga boh lahirna oge batinna



2. Alat/bahan anu kudu disiapkeun : 1. Hasil tatanen : Seureuh ranggeuyan, mayang jembe, waluh gede, pare sageugeus, daun hanjuang. 2. Pakean : Pakean sapangadeg, sinjang jeung sarung. 3. Hasil karajinan : Samak sahelai, hihid, lawon bodas, talenan, nyere 7 siki, kendi, cempor/pelita, tempat nyimpen seureuh, sisir, wedak, saputangan, sabun mandi, eunteung, bola/benang , kanteh, hahampangan, duit receh, endog hayam kampung.



3



4. Seupaheun, bumbu dapur, coet, boboko, cukil, nyiru



3. Cara ngalaksanakeun ngeuyeuk seureuh : 1) Pangeuyeuk ngeprakeun sapu nyere nu hartina urang giat digawe kudu tanghi ulah cicing wae di imah, jeung sauyunan sabeungkeutan babarengan. 2) Muka lawon bodas dipake panutup alat/bahan ngeuyeuk seureuh ditilepan ku duaan sing rapih jeung bener 3) Anggoan dina baki diangkat, dicandak ku calon panganten, nuhartina ngahijikeun raja



kaya, susah jeung bungah babarengan disingharepan, sangkan hidep mampu ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, tur warohmah jeung kudu bisa makean antara salaki



4



atawa pamajikan. Allah ngadawuh “Pamajikan teh pakean pikeun salaki, tur sabalikna salaki teh pakean pikeun pamajikan



4) Calon panganten nyieun tali 7 lembar ku bola kanteh nu panjangna 2 jeungkal, sangeus kitu satuluyna menta widi ka ibu rama na. “Ibu, bapa abdi seja neda widi oge du’a seja ngawangun rumah tangga, mugi abdi aya dina ginulur Gusti nu Maha Suci oge aya dina kajembaran tur kawaluyaan. 5) Duanana calon panganten masing-masing nyepeng seureuh, 2 lambar anu diadukeun beuteung seureuhna dibeungkeut ku kanteh : Daun seureuh diadukeun beuteungna ngalambangkeun ngahijina/Nikah antara hidep duaan, asalna wanoh jadi bogoh tug nepi kabale nyungcung, ikrar hirup babarengan nu simbolna dibeungkeut ku kanteh. Teras mun seureuh nganggo gambir, apu, kapol, daun saga jeung nu lianna tah eta teh disebut tektek, ari rasana tektek teh aya peuheur, amis, haneut, pait, ngalambangkeun dina hirup rumah tangga bakal nyorang nu sifatna nu disebut tektek tea, kukituna omat kudu silih eledan, silih kanyahokeun, nimbang-nimbang hiji pasualan kudu dibeuweung diutahkeun. 6) Meulah mayang jambe eta teh ngalambangkeun yen istri teh masih asli/parawan/ gadis can katoel-toel acan. 7) Calon panganten istri sareng calon panganten pameget calik papayun-payun nyepeng jubleg sareng halu, sedengkeun halu na dicepeng ku calon panganten pameget, jubleg na dicepeng ku calon panganten istri, hartina antara caroge jeung bojo kudu silih anteur kahayang, namung sateuacan dilaksanakeun maos heula istighfar, syahadat sareng sholawat. 8) Saterasna urang meulah duweugan hejo nu rumeho jeung leueur eta teh ngalambangkeun hiji cai nu aya dina awak panganten istri. 9) Salajengna diteraskeun kana ngodok artos receh anu tos disiapkeun dina handapeun samak sahelai. Duanana milari rizki sasarengan pikeun minuhan kabutuhan rumah tangga.



Rengse.



5



Anggota Kelompok 3 XI IPS 3              



Fathurrohman S Aria S Dafa v Dinda Gurat Kharisma Minggus M rafi Nella Pragesha Rastya Rizki Vivi Yuri



6