Ucapan Sungkem Siswa Dan Guru [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

IBU, BAPA DINTEN AYEUNA ABDI CUMARIOS DIPAYUNEUN IBU MIWAH BAPA GURU 6 TAUN LAMINA ABDI NYUNGSI ELMU PANEMU JAMPE PAMAKE TUR DIWURUK MANG RUPI RUPI ATIKAN TI IBU MIWAH BAPA GURU . LANGKUNG TIPAYUN ABDI SADAYA NEDA DIHAPUNTEN , TILUHUR SAUSAP RAMBUT DIHANDAP SAUSAP DAMPAL , NEDA DIHAPUNTEN ANU KANU KASUHUN NEDA JEMBAR HAMPURANA BILIH NYUNGKELIT DINA MANAH SUMARAMBAH DINA BAYAH , RUMAOS ABDI SADAYA SALAMI IYEU SERING TEU TUMUT KANA PIWURUK IBU MIWAH BAPA GURU. IBU, BAPA ABDI SADAYA NGAHATURKEUN NUHUN TINA SAGALA RUPI KANYAAH IBU MIWAH BAPA GURU , ELMU PANEMU JAMPE PAMAKE KALIH PANGAPING PANGJARING TI IBU MIWAH BAPA GURU , BEURAT NYUHUN BEURAT NANGGUNG BEURAT NARIMAKEUN NANA . MUDAH MUDAHAN IBU MIWAH BAPA GURU SING BERKAH SALAMET SING KENGING RAHMAT GINULURAN , SING DIPAPARIN KATABAHAN TUR SALAMINA SING AYA DINA RIDHO ALLAH SWT. IBU , BAPA ABDI SADAYA NEDA PIDUANA REHING DINA DANGET AYEUNA ABDI SEJA PAMIT KA IBU MIWAH BAPA GURU , PILEULEUYAN – PILEULEUYAN SAPUNYERE PEGAT SIMPAY PATURAY PATEPANG DEUI . IBU , BAPA , JAJAPKEUN ABDI BU, JAJAPKEUN ABDI PA , DOA TI IBU MIWAH BAPA GURU TINANGTOS BAKAL NYARENGAN KA ABDI SADAYA , DINA RARAGA ABDI NGAMBAH JALAN KAHIRUPAN , MAYUNAN SAGALA RUPI RINTANGAN DINA RARAGA NGAHONTAL CITA CITA . IBU , BAPA JAJAPKEUN ABDI BU , JAJAPKEUN ABDI PA



PANGJAJAP IBU BAPA GURU . Deudeuh teuing anaking , Asa can lila hidep nyiar elmu di iyeu sakola , teu karasa ayeuna tos wekasan. Kiwari Nitih wanci nu mustari , ninggang mangsa nu utama Nu ditunggu samatara mangsa , anu didagoan ayeuna ngajadi bukti . Hidep mungkas diajar 6 taun , mungkas katineung di iyeu sakola . Anaking , ulah beurat mun rek ngalengkah , ulah rempang mun arek miang , Anaking ku ibu rawuh bapak guru hidep dihampura pisan , ngan sabalikna ibu miwah bapa guru boga dosa ka hidep, ayeuna pisan kudu dihampura . Ibu , bapa sok suntak sentak ka hidep, Ibu , bapa sok Tunggal teungeul ka hidep, Eta kabeh dasarna tina kanyaah . Nyaah ku bangorna , nyaah ku bageurna , Ari bodo jeung pinter etamah tandana manusa nu kumelendang di alam dunya . Harepan ibu miwah bapa guru sangkan hidep jadi pinter ngarti kana atikan , tur mangpaat pikeun balarea . Anaking geulis kasep nya ayeuna ucap anu panungtungan Sanajan beurat papisah , beurat kudu pegat , dalah dikumaha sapunyere pegat simpay paturay patepang deui . Anaking Bral gera miang , bral gera iatna , bral gera tandang , gera igelan dunya anu pinuh ku cobaan . Bral gera ngambah jalan anyar , Beber layar tarik jangkar pikeun ngambah jalan kahirupan . Poma ulah poho kana sagala atikan jeung sagala wejangan ti ibu miwah bapa guru , salengkah baca Bismillah , ulah poho ka temah wadi , gera ulik sagala pangarti , pikeun ngahontal cita cita hidep. Manuk hiber ku jangjangna , Manusa hirup ku akalna . Anaking hidep gera bebenah , Bral gera Miang , Ibu miwah bapa nganterkeun hidep ku doa tur ku teuteup kadeudeuh jeung kanyaah . Doa ibu miwah bapa bakal marengan lengkah hidep. Amin ya robal allamin .



PROSESI UPACARA ADAT PATURAY TINEUNG NA SISWA SSWI KLS 6 SDN GUNUNG BUNDER 02 DINA TAHUN 2018 - 2019 URANG KAWITAN.



Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Dunya Urang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Bral Gera Mulang Bral Gera Miang , Bral Gera Mulang Anjen rek Tandang , Makalangan Medan Perang



PARA WARGI SADAYA RUPINA SAKITU NU KAPIHATUR PROSESI UPACARA ADAT PATURAY TINEUNG NA SISWA SSWI KLS 6 SDN GUNUNG BUNDER 02 DINA TAHUN 2018 - 2019, BOBOT SAPANON CARANG SAPAKAN HAPUNTEN ANU KASUHUN , BILAHI TAPIK WALHIDAYAH ASALLAMUALAIKUM WR. WB.



ATUH KA IBU PIMPINAN , KERSANA IBU KEPALA SEKOLAH SDN GUNUNG BUNDER 02 , OGE KA SADAYA MURANG KALIH SISWA SISWI KLS 6 MANGGA GERA KA PAYUN . MANGGA GERA DEKU , PIKEUN SUNGKEM DI PAYUNEUN BAPA IBU GURU , AYEUNA HIDEP BADE DI ISTRENAN, MANGGA GERA PUNDUT , KEDALKEUN SAGALA RUPI ANU DI TEDA , SANGKAN HIDEP LALUGINA DINA NGAMBAH JALAN KAHIRUPAN , MAN GGA sGERA PUNDUT , BAGEUR…..