Sumur Bandung, Sumur Karahayuan (Materi Baca Carita Babad) [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Sumur Bandung, Sumur Karahayuan Sumur Bandung mèrè karahayuan ka rahavat Bandung Sumur Bandung mèrè karahayuan ka Dayeuh Bandung Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung (Bandung 25 Mèi 1811. Radèn Adipati Wiranatakusumah II)



Kawasna teu loba anu apal kana tulisan di luhur. Éta tulisan téh mangrupa prasasti nu jadi titimangsa ayana sumur Bandung. Dina éta prasasti jelas pisan ditulis Sumur Bandung méré karahayuan ka rahayat Bandung. Sumur Bandung téh mangrupa cikal bakal lahir jeung ngadegna Kota Bandung nepi ka ayeuna. Hanjakalna, ayana Sumur Bandung téh teu loba dipikanyaho boh ku urang Bandungna sorangan boh ku urang ti luar Bandung. Padahal, lamun ditilik tina saiarahna, Sumur Bandung téh perenahna di puseur Kota Bandung. Sumur Bandung dijieun ku Adipati Wiranatakusumah II dina tanggal 25 Méi 1811. Teu jauh ti éta tempat diwangun ogé Masjid Agung, Pendopo Bupati, jeung alun-alun. Kiwari, Sumur Bandung téh perenahna di tukangeun Kantor PLN Cabang Jabar-Banten, Jln. Cikapundung Timur Bandung, atawa kurang Ieuwih 100 méter wétaneun Alun-alun Bandung tur pagédénggédéng jeung Jln. Asia Afrika Bandung. Perenahna mémang rada nyingkur, lantaran kahalangan ku Gedong P LIN, padahal mun geus dijugjug mah Sumur Bandung téh ayana diwewengkon bagian tukang gedong PLN. Pa Engkus Kusnadi, anu nyesepuhan di Sumur Bandung, waktu jumeneng kénéh dina taun kungsi nyaritakeun sajarahna. Cenah gé kieu: Cék ujaring carita, Sumur Bandung téh didamel ku Bupati Bandung ka-2, Radén Adipati Wiranatakusumah ll. Harita, samulihna ti Subang, kairing ku para ponggawa Radén Adipati Wiranatakusumah II reus di hiji Ieuweung. Anu dipimaksud Ieuweung dina ieu tulisan nya éta tempat anu ayeuna jadi Sumur Bandung téa. Bakat ku nahnay, kawuwuh tos jengkar ti tempat anu tebih, Radén Adipati Wiranatakusumah II nyarandékeun salirana kana hiji tangkal gedé. Teteken nu dicandakna, ditancebkeun kana taneuh. Lajeng anjeuna mah kulem ditungguan ku para ponggawa satiana. Kira-kira meunang sapanyeupahan, Radén Adipati Wiranatakusumah II lugay, ngadeg, teras nyabut tetekenna. Barang teteken dicabut, tina urut teteken téa ngaburial cai. Ceuk ujaring carita, salasaurang ponggawa tumanya: "Gamparan, geuning tina tilas teteken téh kaluar cai, dupi éta cai naon?" "Enya... éta cai Sumur Bandung. Cai nu isuk jaganing géto bakal jadi kahuripan jeung karahayuan urang Bandung,"' waler Radén Adipati Wiranatakusumah II. Satuluyna, cenah, ku kasaktén Raden Adipati Wiranatakusumah nu jelas henteu samanéa, dina waktu sapeuting, urut teteken téh dijadikeun sumur. Teu aya anu apal kalayan pasti sabaraha jerona Sumur Bandung téh. Ngan anu geus pasti, kaahèngan Sumur Bandung tèh, ti baheula nepi ka ayeuna caina teu kungsi saat jeung teu kapangaruhan ku cai solokan Cikapundung nu aya wètaneunana tur kawates ku tèmbok Gedong PLN. Cai Sumur Bandung canèmbrang hèrang. Lian ti éta, nimba cai ti Sumur Bandung teu bisa sagawayah, kudu tartib jeung ditimba ku jalma anu dipercaya ku sesepuh (harita Pa Engkus Kusnadi tèa) atawa jalma anu geus biasa. Timbana émbér leutik disambung ku tali rapia anu panjangna kurang Ieuwih saméter satengah.



Aya tata cara anu kudu dilaksanakeun keur sing saha waè anu rèk datang ka Sumur Bandung. Awak kudu dina kaayaan beresih atawa boga wudu. Keur jaman almarhum Pa Engkus Kusnadi mah, mun aya tamu nu ngahaja ka Sumur Bandung tur can katingal ka cai, sok diparéntah kudu wudu heula. Kaharti ari kituna mah, lantaran masarakat anu datang ka Sumur Bandung biasana sok ngadon ngadu'a. Jadi pantes mun urang kudu boga wudu oge. Lian ti éta, salila aya di wewengkon Sumur Bandung teu meunang héhéotan, ribut jeung teu meunang suaban. Mun éta dirempak, cenah tinggal ngadagoan akibatna. Kiwari Sumur Bandung téh geus kaasup situs nu aya di Kota Bandung. Tangtu wé kudu dipiara, dimumulé, tur diwanohkeun ka balaréa. leu hal luyu jeung Peraturan Daerah (Perda) Jawa Barat Nomer 7 Taun 2003, ngeunaan "Nilai Sejarah dan Benda Kepurbakalaan". Tapi kumaha buktina? Teu kabéh urang Bandung apal lamun di sabudeureun Gedong P LN deukeut alun-alun Bandung, aya situs anu ngandung ajén sajarah Bandung. Malah duka kumaha nasibna mun Sumur Bandung aya saluareun gedong P LN jeung teu diurus ku pagawé kantor PLN? Boaboa bakal jadi situs nu taya ajéna. Tina hasil wawancara jeung Bapa E. Kusnadi (Karyawan PLN Distribusi Jabar — Banten ogé sesepuh Sumur Bandung) dina taun 2005.