Carita Pondok Bahasa Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

CARITA PONDOK BAHASA SUNDA



Nah, mangga atuh urang langsung wae baca ieu carpon bahasa sundana di handap ieu, ulah hilap siapkeun kopi haneutna hela beh rada cengharan.



Carpon lucu "Pamuda beuki ngarinum" Kiwari, di caritakeun aya tilu urang budak ngora nu beuki nginum. Manehan nana teh keur arenjoy bari sasarandean di sisi jalan. Matana barereum, kitu oge sarua jeung bengeutna lantaran ges pararah narenggak botol. Manehan nana caritana arek naraek mobil taksi. Nah tos kitu, teu lila aya oge lewat mobil taksina, nya tos atuh langsung di erenkeun ku tiluan budak ngora anu tos narenggak botol eta teh. Ceuk supir taksina teh na jero hatena: "Anyir.. ieu barudak ngora teh marabok wae pagawean nana, ku aing gawean siah..!"



 Kumpulan humor bahasa sunda pikaseurien! Tah, ararasup tah budak ngora teh nu tiluan ka jero taksi, sangges di jero taksi si supirna teh langsung ngahurungkeun mesin mobilna bari di gerung gerungkeun sakedeng ges kitu dipareman deui. Ceuk supirna teh: " atos nepi a, mangga atuh sok geura tarurun..!!"



Nah, percaya weh tah barudak ngora teh lantaran ges pararah.. Budak ngora nu ka hiji turun bari mayar, kitu oge budak ngora nu ka dua, turun bari sasalaman jeung ngomong nuhun ka supirna si eta mah. Nah pas budak ngora nu ka tilu, manehna mah turun bari ambeuk-ambeukan nyarekan jeung nyabok beunget supir, bari ngomong: "Engke deui mah mun mawa taksi teh ulah ngebut-ngebut teing gera.. Bahaya! Kalem weh atuh..!" Ceuk supir taksina teh: "Dasar jelema garering siah!!!" *PloKk*



Carpon bahasa sunda lucu "Si ira mojang tomboi" Aya hiji mojang (parawan) ngaranna sebut weh si ira. Si ira awakna jangkis, bu'ukna pendek, salewat mah pokona percis pisan kos lalaki. Di lemburna oge manehna katelah budak tomboi, nu hobina naek motor. Dina hiji mangsa, si ira rek mangkat ka hiji gedung caffe di jakarta, manehna geus siap-siap bari mawa helm, make jaket kulit nu sok biasa dipake ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweh kaca spionan sabelah, salewat mah memang mirip lalaki ieu budak. Grungg...!!! Teu lila indit tah si ira teh ka gedung caffe.



Beberaha jam lamina, akhirna si ira tepi ka gedung caffe anu dituju. Maneh na turun na motor, bari make jaket jeung helm keneh, ngagidig weh si ira teh



lempang nuju asup ka gedung, bari rada katingali jangar. Digedung caffe eta teh keur aya pamariksaan, ku lantaran di jakarta ayena keur usum bom nu sing jalelegur gara-gara basa tragedi nu di tamrin tea. Satpamsatpam nu nyekel pelentungan jeung alat ajang ngaditeksi bom tos siap-siap ngajaga di gang gedung caffe eta. Nah, pas arek asup si ira dipariksaan hela ku satpam ti handap nepi ka luhur pake alat deteksi bom nu ngaranna metal detektor.



Nah, pas alat eta nepi ka dadana satpam langsung ngomong: "Nah siah..!! ieu naon empuk-empuk kie dua siki?? Boa-boa maneh mawa bom nyah!!!" Ceuk satpamna teh, da puguh teu nyaho perangsa teh lalaki.



 Kumpulan pantun lucu bahasa sunda bikin cengar cengir! Pas rada di cabakan ku satpam na, si ira atuh meren jadi ngambek.. Bet weh! Langsung di buka tah helm na bari ngomong ka satpam, matana bari molotot: "BOM, BOM tai pedut lah.. siah! yeuh teu percaya mah !!!" Lah geuning awewe, sugan kuring teh lalaki. Ceuk satpam na teh bari cengarcengir: "Tos..tos.. cekap.. Neng! Teu kedah dikaluarkeun, tos terang abdi mah..tos terang!" Satpam eta reuwas, da sugan teh eta nu keur manehna pariksa teh lalaki sihoreng padahal mah manehan nana awewe.



Carpon Lucu "Si udin tukang nyieunan bandring" Sebut weh ngarana si udin, umur 36 tahun, ka reseupna nyienan bandring da lantaran manehna osok ngabandringan manuk di lemburna teh.



Tapi ema na.. Hayang buru-buru ningali si udin teh geura kawin, lantaran ningali umur si udin teh tos mulai kolot. Dina hiji wangsa, si udin jeung ema na teh keur ngararobrol di hareupen imahna, nah kieu caritana: Ema : " Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! " Udin : " Enya, engke ma..! " ( Bari ngomean bandring) Ema : " Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Ema teh tos hayang boga incu!!! " Udin : " Engke ma! " (Jongjon bari ngoprek keneh bandring) Ema : " Maneh emang nyaho din carana kawin teh? " (Ngahareupkeun si udin bisa) Udin : " Deh.. gampang ma! Piraku udin teu nyaho mah.." Ema : " Coba atuh cing kumaha carana..?! " Udin : " Kieu ma, kahiji.. Buka bajuna.." Ema : " Terus?"



Udin : " Kadua.. buka calanana. " Ema : " Terus.. terus..?" (Bari panasaran) Udin : " Ka tilu.. pas tos ka tingali cangcut na, terus di... euh???" Ema : " Bisa gening maneh din, terus dikumaha keun terakhirna???" Udin : " Enya, bisa atuh ma! terus... Di cabak hela ma.." Ema : " Terus..din !" (Bari seura-seuri)



Udin : " Tah geus kitu, di buka.. Urang jieun bandring weh ma cangcutna teh!!" Ema : " Goblog siah..!! budak teh ngagawean aing!" Udin : " Hehee..!!!" (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa).



Carita pondok lucu sunda



Aya saurang guru anyar pangawakana rada bahenol, sebut weh ngaranna bu cucum. Manehana karak pertama kali ngajar barudak sakola SD. Saencana manehna ngajar budak TK di desa sabelah, tapi di pecat ku lantaran lamun ngagambar tara bener. Oh nya, manehna oge dagang cilok karet sagala pikeun gawe sampingan di imahna. Nah, dina hiji dinten di papan tulis bu guru coba nyieun gambar buah apel, bari ngabalikeun awakna anu numayan rada bahenol eta, teras bu guru cucum nanyakeun ka barudak: "Cing sebutkeun gambar naon ari iye teh bararudak?"



Barudak cararicing sakedeng merhatikeun hela gambarna anu rada acakacakan. Tos eta, sarentak barudak ngajawab "Gambar bo-ol meren bu..!" Ngadenge jawaban ti barudak anu rada polos, teras wae bu guru ngarasa sedih, ngarasa dipoyokan, ceurik kawas ngarasa di ejek. Bari ceurik bu guru lumpat nuju ruangan kapala sakola ngalaporkeun kalakuan murid-muridna. Ningali bu guru anu bari ceurik, tangtu wae kapala sakola langsung indit nyamperkeun ka kelas, teu poho manehna bari nyandak panggebug. Bari emosi sabari nakolkeun panggebug ka meja, kapala sakola nyararekan sakabeh murid-murid anu aya diruang kelas eta. "Maneh wani-wanina ngejek bu guru! Naon anu maneh lakukeun teh, ngomong teu sopan! Ngejek-ngejek guru..!" *PLONG* weh ruangan kelas jadi ngadadak jempling, sepi, kawas kuburan nu aya di leuweng. Bararudak ngaharuleng murungkut sieunen ku sabab ambekna kapala sakola nu nyandak panggebug. Pa kapala sakola bari molotot ningalikeun bararudak, teras ngaliek ka arah papan tulis, manehna makin rewas deui pas ningali aya gambar dina papan tulis:



"Aduh-aduh.. Ari maraneh teng-teingan pisan dak, mani wani pisan ngagambar bo-ol sagala dina papan tulis, KETERLALUAN..!!!" Prak..! bari nakol panggebug deui ka bangku.



http://www.putrasunda.com/2016/04/carita-pondok-lucu-sunda-gambar-naon.html



Kajadian Teu Disangka-sangka



Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjingenjing pisan kedah tos ka sakola.



Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan. Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari ngantos bel disada. Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!” “Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki. “Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes. Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi hiji. “Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi. Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun. Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”. http://bbmsepsite.blogspot.co.id/2015/04/contoh-cerita-pendek-cerpen-bsunda.html Di hiji wanci isuk, keur meujeuhna jelema saribuk dina urusana masing-masing, Kang Adun anu osok ngideur ka unggal lembur jualan peuyeum keur nyiapkeun dagangana di bumi bilikna ngasupngasupkeun peuyeum kana nyiru. Teu loba peuyeum anu dijual ku manehna, ngan saukur 7 nugika 15 kiloan. Kang Adun sanajan bari geus kolot oge tapi ari kana digawe mah getol neangan rezeki ngahirupan anak jeung pamajikanana. Saberes manehna ngasup-ngasupkeun peuyeum kana nyiru, gek diangkat si tanggungana kumanehna teh. Prak kang Adun mulai kaluar ti bumina sabari izin ka pamajikana rek indit heula dagang. "Mah,



bapa



rek



dagang



heula



nya,



du'akeun



ku



mamah



mugi



dagangana



seep."



"Enya pa, unggal dinteun oge mamah mah osok ngadu'akan bapak, mugi atuh peuyeumna seep, si



ujang karunya ceunah hoyongeun buku kangge sakola.



"



**Sabari sedih saeunggeus ngadenge anakna hayangeun buku keur sakola, kang adun mulai ngalengkahkeun sukuna... Bitis kang adun anu geus peot jeung gigina anu teu sampurna deui siga bareto keur ngora... Ditingali mah asa teu panteus jualan peuyeum ngideur ka unggal lembur. Sanajan kitu oge kang adun tutep sumanget jualan. Kang adun mulai ngagorowok ka unggal bumi wargi sabari susuganan aya anu meser peuyeumna, "Peuyeum... Peuyeum.., Barade Peuyeum..!" Alhamdulillah (ceuk hate kang adun), jol ti hiji imah aya anu



nyahutan.



"Kang.. Di



Kang, salah



meser



sahiji



imah



nu



peuyeumna sejen



4



aya



deui



nu



kilo..!" nyahutan.



"Kang, meser peuyeumna 8 kilo...!" Peuyeum dagangana anu dibawa ku kang adun 16 kiloan teh seep taya sesa, dina jero hatena Kang Adun. "Alhamdulillah, peuyeum teh seep.. Tiasa mereunan meser buku keur si ujang sakola engke." Kang Adun ngarasa capek geus nanggung peuyeum dina taktakna. Prak we Kang Adun teh nagog sabari



ngabaheuhay



di



sisi



jalan.



Ditingali kumanehna lalar liwat mobil jeung motor bulak balik ngaleos di hareupenana. ceuk hatena kang



adun.



"Duh... Nasib jeulema leutik kos urang Boro-boro bisa boga mobil atawa motor, ngahirupan anak jeung pamajikan oge susah." Saeuntos ngarasa leuwih enakkeun sampeana, kang adun mulai ngengkeg balik ka bumina. Pas dihareupeun



panto



bumina,



"Mah... Dibuka



kang



adun



Mah, we



"Eh.. Bapa tos uih geuning.."



si



ngetok



panto,



tok..



bapa pantona



teh



Tok



tok.. uih."



ku



pamajikana



Kang Adun tuluy asup ka bumina sabari ngitung acis dina pesakna, gek we kang adun diuk dina korsi



sabari



"Mah...



ka



Alhamdulillah



"Alhamdulillah "Mah...



nyarita



atuh



Hapunteunnya



pak,



tiasa



bapa,



peuyeumna



panginteun



teu



pamajikana.



tiasa



meser



buku



ngabahagiakeun



keur mamah



seep." si



ujang



jeung



si



sakola." ujang."



"Ari bapa nyarios naon? Mamah mah narimakeun ka ayaan arurang kieu, keun bae batur rek ngomong, ih.. Si itumah miskin atau naon oge, da ari gusti Allah mah teu nilai kabeungharan manusa, tapi nilai kahadean dina hatena." **Kang adun jeung pamajikana silih nangkeup sabari ceurik... :') Pesan moral yang bisa kita ambil dari carita pondok/ cerpen diatas adalah : Bersyukurlah terhadap apa yang telah kita miliki, Tuhan tak menilai rupa atau harta kita, tapi Ia menilai Hati kita. Penulis : Atep Setiawan



http://julomde.mywapblog.com/carpon-carita-pondok-kang-adun-si-tukang.xhtml