Modul Basa Sunda, Kamis 29 Juli 2021 [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

MODUL KEGIATAN PEMBELAJARAN KELAS JAUH BASA SUNDA KELAS VI Assalamualaikum wr. wb. Puji dan syukur marilah panjatkan ke Hadirat Allah SWT, atas limpahan nikmat serta karunia-Nya sehingga kita bisa terus menjalankan amanah pendidikan untuk mencerdaskan kehidupan ummat. Shalawat beserta salam semoga senantiasa tercurahkan kepada Nabi Muhammad SAW, keluarganya, sabahatnya dan ummatnya, Amiin.



Nangtayungan Sasatoan



KD 3.1



KD 4.1



Memahami teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk



Menceritakan isi teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk



Urang kudu mikanyaah sasatoan. Naha ku cara miara langsung, nulungan lamun aya sasatoan anu butuh pitulung, atawa mulu ngarojong serta ngahargaan jalma-jalma anu nangtayungan sasatoan langka sangkan



henteu nepi ka tumpur. Dina pangajaran munggahan kelas genep ayeuna, urang rek maca jeungnulis ngeunaan mikanyaah kana sasatoan.



Mulangkeun Si Pélu Galih ngajanteng keneh dihareupeun kandang Si Pélu di pipir imahna. Tadi manehna anteng ngalamun, inget kana kajadian harita basa mimiti nempo eta peucang di lembur emangna. Ayeuna geus lima bulan di ingu ku manehna. Geus nyaah. Galih geten pisan miara Si Pélu teh. Saban poe diparaban. Kandangna



sokdiberesihan. Sakapeung sok dikencarkeun di kebon pipir imah. Teu hariwang da



sakurilingna di pager kawat. Si Pélu sok lulumpatan acleng-aclengan. Ku Galih sok ditutur-tutur bari diajak ngomong. Sina balap lompat jeung kadal atawa papatong. Sina nincakan bonteng kawas dina dongeng. Kacipta sedihna lamun kudu papisah jeung Si Pélu. Kitu Galih terus ngalamun sanggeus tadi ngadenge omongan guruna. Apana ge apan sarua geus ngelingan harita, basa rek mawa Si Pélu ti lembur emangna.



1



Hiji poe aya patugas duaan ti badan perlindungan hewan. Ngan sidik eta patugas teh tuluy ngolo Galih sangkan masrahkeun eta peucang ka kebon binatang. Sanajan beurat kacida Si Pélu kudu dipasrahkeun. Ngan Galih aya pamenta Si Pélu hayang ku Galih soranngan dibawana ka kebon binatang. Sumuhun… mangga ku cep Galih dicandakna. Ku bapak disareungan. Si Pélu diasupkeun kana kurung kawat. Bring arindit ka kebon binatang. Galih diajak asup ka kantor neupungan kepala kebon binatang. Galih tuluy dianteur ka kandang sasatoan. Tempat nu taneuhna kawas lamping. Katenjo aya pecang sababaraha hiji keur nyaratuan jujukutan, Si Pélu bakal beutaheun aya batur. Pelu sing beutah didinya, ceuk Galih bari nyiuman Si Pélu. Galih ngan bisa gugupay. Apa piceurikeun nu nyelek dina tikorona. Tapi Galih ngarasa bagja. Bisa mulangkeun Si Pélu kana habitatna.



Tugas Ke-1 Pek kuhideup jawab ieu pananya di handap! 1. Galih geten pisan miara Si Pélu, naon buktina? ……………………………………………………………………………………………………. ……………………………………………………………………………………………………. 2. Sok diajak ulun kamana Si Pélu teh? ……………………………………………………………………………………………………. ……………………………………………………………………………………………………. 3. Naon maksudna patugas datang nepungan Galih? ……………………………………………………………………………………………………. ……………………………………………………………………………………………………. 4. Kumaha sikap Galihsarta naon pamentana? ……………………………………………………………………………………………………. ……………………………………………………………………………………………………. 5. Naon nu karasa ku hideup basa Galih papisah jeung Si Pélu? ……………………………………………………………………………………………………. …………………………………………………………………………………………………….



2



Tugas Ke-2



Sasatoan anu ditangtayungan!



Cing teguh ku hidep sato naon ieu ngaranna!



3