Narasi Sungkeman [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh Embara ka balarea, Bewara kanu araya. Kanca baraya nu pada lenggah, sugri pribumi nu pada linggih Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Saptu 22 Juni 2019 Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara paturay tineung kelas XII SMK KARYA PEMBANGUNAN 3 MAJALAY Sim kuring saparakanca ti Sanggar Seni “RINGKANG KP 3 MAJALAYA”, seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina widang seni sunda. Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun PROSESI UPACARA ADAT DIKAWITAN



Bapa :



Narasi sungkeman :



Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa guru hidep, nu dipalar hidep hirup hurip ka hareup. Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung kalbu anu saestu. Geura cangcang dina tulang-tulang kahayang nu bakal datang Anak : Bapa, ibu, hapunten abdi rumaos teu acan tiasa mulangkeun kadeudeuh, abdi teu acan tiasa nepakeun kanyaah, anu aya ngan geugeuleuh jeung kariweuh. Abdi neda halal ti ibu kalih ti bapa tina sagala rupina, lantaran abdi teu acan tiasa mulang tarima. Mung abdi sadaya neda panuhun kanu Maha Agung mugi-mugi guru abdi sadaya apanjangapunjung salamina. Ibu : Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas, ibu reueus reugreug pageuh awor jeung kabungah, lamun hidep sarerea bisa ngojayan pangalaman atikan nu leuwih luhur tur lega. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja. Moal rela lamun hidep joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Linuhung, ibu humandeuar hariwang sieun karandapan. Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti Madrasah Aliyah.



Anak : Duh, bapa, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidik abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang tarima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape. Bapa, hapunten abdi. Bapa : Duh … Anaking, geulis jeung kasep, wanci ieu harepan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea. Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti kaanggangan. Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa. Bismillah tawakalna anu diseja Pileuleuyan hidep pileuleuyan …