Laporan Kegiatan Warta [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

LAPORAN KEGIATAN WARTA SMA NEGERI 3 BANDUNG 2020



Azizah Fasya Devinda Ardhia Ivana Nathania Muhammad Giffarie Muhammad Zayd Nabilah Syifasari Zahra Nazar Al Huda Ribka Riama Shafa Amira Qonitatin



XI MIPA 4



I.



BUBUKA



A. KASANG TUKANG Warta nyaeta beja atawa informasi ngeunaan hiji kajadian anu bener-bener kajadian atawa aktual. Data anu ditepikeun atawa dilaporkeun dina hiji warta dumasar kana data anu bener atawa valid jeung asli. Pikeun nyajikeun warta anu asli jeung aktual, tapi sateacan urang ngalaporkeun hiji warta dibutuhkeun penelitian. Salian ti eta, teknik midangkeun warta oge kedah diperhatoskeun meh warta henteu monoton Di jaman sarba canggih ieu, urang teu hésé deui kanggo milarian informasi. Salah sahiji sumber anu tos dipercaya ku masyarakat loba nyaéta ti warta nu tiasa di aksés tina televisi, internét, atawa media cétak. Kusabab itu, penting kanggo urang sadaya diajar ngawarta. Salian ti fungsi na nyaéta masihan informasi ka jalma réa, diajar ngawarta ogé ngalatih kamampu nyarios Basa Sunda jeung kamampu nulis téks Sunda. Aya oge mangpaat sosial ti diajar ngawarta ieu, contona ningkatkeun percaya diri, diajar nyarios nganggo tutur basa nu merenah, jeung loba nu lainna. Mugi-mugi ti pancén Basa Sunda ieu, mangpaat nu tos kasebat di luhur tiasa diimpleméntasikeun jeung jadi mangpaat bagi diri sorangan sarta jalma réa.



B. TUJUAN JEUNG MANGPAAT Tujuan dilaksanakeun kagiatan ieu teh pikeun mere nyaho cara kanggo nyajikeun hiji pasualan anu bentukna warta sareng tiasa hudi pidangkeun kanggo masyarakat. Pikeun ngahontal tujuan eta, aya sababaraha tujuan anu kedah diperhatoskeun nyaeta : 1. Nangtukeun struktur warta 2. Nangtukeun unsur warta 3. Nangtukeun bahasa anu sae tur merenah nu digunakeun di warta 4. Tiasa nyusun naskah warta sesuai fakta nu aya



II.



EUSI LAPORAN



A. WENGKUAN KAGIATAN 1. 2. 3. 4.



Warta sakola terbaik dina kota bandung Warta laporan cuaca Warta laporan kagiatan dina edu passion 2020 Iklan



B. TEMPAT JEUNG WAKTU KAGIATAN 1. Warta sakola terbaik dina kota bandung Kaping : 16 Januari 2020 Tempat : Jl. Belitung No.8, Merdeka, Kec. Sumur Bandung, Kota Bandung, Jawa Barat 40113 2. Warta laporan cuaca Kaping : 22 Januari 2020 Tempat : Asakusa, Tokyo, Jepang 3. Warta laporan kagiatan edupassion 2020 Kaping : 23 Januari 2020 Tempat : Jl. Belitung No.8, Merdeka, Kec. Sumur Bandung, Kota Bandung, Jawa Barat 40113 4. Iklan Kaping : 16 Januari 2020 Tempat : Jl. Belitung No.8, Merdeka, Kec. Sumur Bandung, Kota Bandung, Jawa Barat 40113



C. PELAKSANA Azizah Fasya



salaku Presenter



Devinda Ardhia



salaku Reporter



Ivana Nathania



salaku Presenter



Muhammad Giffarie



salaku Aktor



Muhammad Zayd



salaku Aktor



Nabilah S Zahra



salaku Reporter



Nazar Al Huda



salaku Reporter



Ribka Riama



salaku Aktris



Shafa Amira



salaku Aktris



III.



EUSI WARTA



Acara warta namina “WARUNG” nu mangrupakeun singkatan ti Warta Bandung. Dina warta ieu nu kahiji aya pembukaan studio nu dipidangkeun ku Azizah Fasya sareng Ivana Nathania salaku Presenter, midangkeun baris warta anu dibawakeun ku Reporter, namun sateacan warta pamungkas di pidangkeun aya iklan-iklan nu dibawakeun ku aktor sareng aktris. Anu tarakhir, aya panutupan ku reporter di studio. Ieu di handap aya wincikan warta anu di pidangkeun : 1. Warta sakola terbaik dina kota bandung Reporter warta



: Nabilah Syifasari Zahra



Eusi berita



: a. Ngalaporkeun kaayaan sman 3 bandung b. Ngalaporkeun prestasi anu tos diraih ku sakola



2. Warta laporan cuaca Reporter warta



: Nazar Al Huda



Eusi berita



: a. Ngalaporkeun cuaca terkini b. Ngalaporkeun kagiatan masyarakat di Tokyo



3. Warta laporan kagiatan edupassion 2020 Reporter warta



: Devinda Ardhia



Eusi berita



: a. Ngalaporkeun kaayaan kagiatan edupassion 2020 b. Wawancara kana salah sahiji alumni sakaligus partisipan edupassion



4. Iklan Iklan nu di pilih nyaeta sanes iklan nu pikeun masarkeun hiji produk namun pikeun selingan nu harapanna tiasa ngahibur panongton a. Iklan Parodi Tiktok b. Iklan Parodi Motor Aerox c. Iklan Parodi Shoppee



IV.



PANUTUP



A. KACINDEKAN Kacindekan anu tiasa diambil tina kagiatan ieu nyaeta untuk nyajikeun berita anu menarik jeung sasuai ku fakta, kedah aya penelitian sareng rancangan heula. Kabahasaan anu digunakeun dina ngalaporkeun berita nyaeta kalimat berita anu ngandung informasi-informasi anu penting ka panonton. Bahasa tubuh oge kedah diperhatoskeun pikeun midangkeun hiji warta misalna posisi calik, pandangan soca, sareng intonasi na oge diperhatoskeun ku sabab bakalan katingali ku panongton lamun urang gugup, nu tiasa ngajieun panongton gagal fokus. B. KRITIK JEUNG SARAN Dina kagiatan ieu, aya sababaraha kendala anu ngahambat : 1. Hese nangtukeun jadwal anu pas kusabab loba tugas jeung kagiatan sakola 2. Video anu diedit ku nazar di jepang teu tiasa dibuka, anu hasilna teu tepat waktos 3. Panampilan pideo kurang maksimal kusabab aktor jeung aktris teu mawa acuk ganti Pikeun nyelesaikeun kendala di luhur, aya sababaraha solusi, diantarana nyaeta mangpaatkeun waktos anu maksimal kanggo ngerjakeun tugas ieu, sareng kedah sering koordinasi tiap anggota kelompok pikeun bagi-bagi tugas.