Makalah B. Sunda [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

TUGAS MAKALAH BASA SUNDA “Novel Gogoda Ka Nu Ngarora”



Di susun ku: -Detia Agustina -Karmila -M. Aef Syaifudin -Nisa Soliha -Roviana Silvi -Zulia Faridhotul Ilmi Kelas XI IPS 1



SMA NEGERI 1 WALED Jl. Dewi Sartika 03 Kec. Waled Kab. Cirebon Telp.(0231) 8303280



DAFTAR EUSI  PANGJAJAP………………………………………………… I  DAFTAR EUSI……………………………………………… II BAB 1 1.1 KASANG TUKANG……………………………… 1.2 TUJUAN…………………………………………… BAB 2 2.1IDENTITAS NOVEL………………………………………… 2.2 RINGKESAN NOVEL………………………………………. 2.3 ANALISIS UNSUR…………………………………………. 2.3.1 INTRINSIK………………………………………………… 2.3.2 EKSTRINSIK………………………………………………. BAB 3 3.1 KACINDEKAN………………………………………………… 3.2 SARAN………………………………………………………….



PANGJAJAP Puja sinareng syukur sumangga urang ronjatkeun ka Allah, gusti nu miboga kaagungan. Nu parantos masihan rahmat sareng karunia ka urang sadaya, oge waktos panyusunan pikeun nyelesaikeun susunan makalah Basa Sunda nu miboga judul “Gogoda Kanu Ngarora”. Teu hilap, panyusunan oge ngucapkeun hatur nuhun ka sadaya pihak anu parantos ngarojong jeung ngabantosan dina panyusunan ieu makalah. Makalah Basa Sunda “Gogoda Kanu Ngarora” ieu teh ditujukeun pikeun ngahontal kompetensi dasar pangajaran Basa Sunda nu parantos di dugikeun ku Guru pangajaran Basa Sunda SMA NEGERI 1 WALED. Panyusunan oge yen ieu makalah tiasa masihan sumbangsih elmu pangaweruh dina pangajaran Basa Sunda, boh pikeun siswa, Guru, oge ka nu maos ieu makalah. Tangtos, dina susunan jeung eusi ieu makalah aya kakirangan jeung kalepatan. Ku kitu na, kritik oge talatah nu sipat na tiasa ngalereskeun ieu makalah, panyusun piharep sangkan nyusun tiasa ngembangkeun leuwih alus tur sae deui elmu pangaweruh, utami na dina widang pangajaran Basa Sunda.



BAB 1 1.1



KASANG TUKANG Novel teh salah saiji wangun karya sastra anu di tulisna dina basa lancaran. Novel oge kaasupwangun karya sastra anu miboga wangun carita anu panjang bukti novel munggaran dina sastra sunda nyaeta novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” karangan M.A. Salmun taun 1966. Novel sunda teh sok tara di baca ku kalangan remaja kusabab novel sunda teh teu menarik ku kituna novel nu rek di analisis nyaeta novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” karangan M.A. Salmun novel ieu kaasup novel silih asih nu nyaritakeun percintaan, perselingkuhan,jeun penghianatan. Novel ieu oge boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma anu sok ngalajur napsu teh matak cilaka.



1.2



TUJUAN Dumasar kana kasang tukang di luhur, ieu makalah miboga tujuan: 1. Sangkan nambahan pangaweruh ngeunaan novel sunda 2. Sangkan apal eusi dina novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” 3. Sangkan masyarakat menangkeun nilai-nilai dina carita novel



BAB 2 2.1



IDENTITAS NOVEL Gogoda Ka Nu Ngarora teh novel karangan M.A. Salmun anu di terbitkeun ku pusaka sunda taun 1966, kandel novel na 224 kaca, di digitalkeun tanggal 24 Februari 2009.



2.2



RINGKESAN NOVEL Novel ieu teh nyaritakeun kahirupan dimana masalah ekonomi, rumah tangga jeung kalakuan jalma dimana geus kalajur ku napsu, eta sabab na novel ieu lolobana di baca na ku kalangan jalma anu dewasa . sabab nyaritakeun kahirupan anu umum na sok aya di kahirupan sapopoe . Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma nu sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka kaluargana . ieu novel teh nyaritakeun dua lingkungan bangsawan jeung lingkungan rakyat biasa .



Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen, Nyi Rapiah, jeung Aom Usman . Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom Usman hayangeun pisan ka Nyi ge ngarasa teu betah hirup di gunung Nyi Rapiah ge Ngilu ka Agan Ali . Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi kaayaan Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi Rapiah, nepika Nyi Rapiah pirak jeung Ujang Kusen, Ujang Kusen sabar ningali pamajikan na di goda ku Aom Usman . Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung anu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung Anu Sadarajat . ari siujang kusen mah prustasi lantaran ninggali nyirapiah dikawin ku aom usman, ujang kusen tidinya sok gunta ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti nyirapiah, ujang kusen sok judi, mabok, pokonama beda jeung ujang kusen basa jadi pamajikan nyi rapiah, akhirna ujang kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit eta teh di pake jang judi deui. 2.3



ANALISIS UNSUR



2.3.1 UNSUR INTRINSIK a. Tema Tema dina Novel ieu nyaeta masalah-masalah dina kahirupan b. Latar  Latar Tempat: Di hiji daerah di Surabaya, Dirompok Haji Abdul Rauf, Dirompok Aom Usman, Dirompok Nyi Rapiah sareng Udjang Kusen, Ditempat pernikahan.  Latar Waktu: Sadaya latar waktu nyaeta isuk, beurang, sore, jeung peuting.  Latar Suasana: Tegang, resep, sedih, bahagia, ngamuk, reueus, hariwang. c. Galur



Novel ieu ngagunakeun galur maju, anu tiasa ku urang tingal tina runtuyan bab anu aya dina buku ieu d. Watek Watek tokoh tina Novel ieu nyaeta: 1. Nyi Rapiah, Mimitina bageur tapi akhirna jadi jalmi anu ngahianatan 2. Udjang Kusen, Mimitina sabar tapi akhirna jadi jalmi anu carana ngendalikeun 3. Aom Usman, Gede ambisi, teu konsisten, jeung kuat pamadegan 4. Nyi Dampi,Bageur e. Palaku Dina novel ieu, palakuna nyaeta:  Nyi Rupiah (Tokoh utama awewe)  Udjang Kusen (Tokoh utama lalaki)  AomUsman (Pameran sampingan)  Haji Abdul Rauf (Pameran sampingan)  Nyi Dampi (Pameran sampingan)  Nyi Hadji (Pameran sampingan)  Abdullah (Pameran sampingan) f. Amanat  Urang dilarang ingkar atawa khianat ka kapercayaan atawa amanat ti batur, jeung jadi manusia teh kudu sabar.  Urang teu meunang maksakeun kahayang urang lamun kaayaan urang teu ngijinkeun.  Suami istri kudu saling percaya jeung ngahargaan.



2.3.2 UNSUR EKSTRINSIK 1. KASANG TUKANG PANGARANG M.A. Salmun lahir tanggal 23 April 1903 di Rangkasbitung. Ngaran lengkap na nyaeta Mas Atje Salmun Raksadikaria. Anjeunna mangrupikeun putra ti sababaraha pasangan Mas Abusa Raksadikaria sareng Nyi Mas



Samayi. Bapana salaku pejabat nyaeta Asisten Wedana Pabyosongan, Kabupaten Serang, Banten. Sababaraha karya M.A. Salmun anu narik perhatian umum: -Ciung Wanara(1939); -Munding Laya(1940) -Ekalaya Palastra(1940) -Asamarandhana(1942) -Goda Rancana(1942) -Gogoda Ka Nu Ngarora(1951) Sareng seueur deui karya sanes M.A. Salmun 2. KONDISI JEUNG SITUASI Kondisi M.A. Salmun nyieun novel Gogoa Ka Nu Ngarora nyaeta awal na Salmun ngagunakeun BN atau anu disebut Baruang Kanu Ngarora pikeun repertoar sakaligus back round jeung nyiptakeun Gogoda Ka Nu Ngarora. Salmun ngagunakeun sajumlah perubahan watak jeung penambahan tokoh dina novel Gogoda Ka Nu Ngarora saterusna ngatransformasikeun babarengan jeung reportoar-reportoar sejen jeung nyajikeun perspektif anyar ngeunaan kelas sosial Salmun ngagunakeun babaraha referensi novel baheula sapertos (Baruang Kanu Ngarora), Norma sosial (Menak jeung cacah) sareng historis (Kolonial), sarta latar budaya (sunda) dina ngolah karya na kaitanna jeun referensi eta bisa di lacak ti babaraha perspektif: narator,tokoh,dll.



3. Nilai-Nilai a. Moral -Urang teu meunang maksakeun kahayang urang lamun kaayan urang teu ngijinkeun



b. c. d. e.



-Suami istri kudu saling percaya jeung ngahargaan Sosial Pendidikan Budaya Estetik



BAB 3 3.1



KACINDEKAN



“Gogoda Ka Nu Ngarora” novel anu di karang ku M.A. Salmun mangrupakeun salah sahiji novel anu ngandung pirang-pirang makna, ku sabab unggal bab dina novel ieu loba unsur pangajaran ngeunaan kahirupan anu kudu dijalankeun ku pinuh rasa sabar, percaya jeung cinta. Novel “Gogoda Ka Nu Ngarora” oge boga maksud anu hade nyaeta mere conto yen jalma nu sok ngalajur napsu teh matak cilaka jang manehna tur ka kaluargana. Ieu novel teh nyaritakeun dua lingkungan bangsawan jeung lingkungan rakyat biasa. 3.2



SARAN



Novel ieu cukup hade sareng masihan seueur pangajaran pikeun pamiarsa, mugia pangajaran nu sae’ anu aya dina novel ieu tiasa mere mangpaat pikeun para pamiarsa sareng tiasa diterapkeun dina kahirupan sapopoe.