Pidato Nyerenkeun Panganten Pameget [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)



Assalamu'alaikum Wr. Wb. Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin. Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.



Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana. Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.



Palawargi anu mulya. Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti …………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.



Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka. Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun ………………………………………………. Anu wastana ………………………………… kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri ka asih bapa …………………………. Miwah ibu. Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ……………………………….. Insya Allah sejana bade diakadan. Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi ………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu …………………………………………. Ka pangersa bapa ………………………………….. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….



Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di …………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna. Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.



Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng ……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.



Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring. Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti ……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan



Billahi Sabilil haq.



Wasalamualaikum Wr. Wb. Poé Ahad kamari, tanggal 13 Juli 2008, kabeneran kuring kudu nedunan ondangan kawinan blasteran Sunda-Padang nu ngadahup ka urang Lampung. Dina pasamoan euwueh acara adat tradisional. Wirahma nu mirig pasamoan gé musik barat lain musik tradisional Sunda atawa Padang atawa Lampung. Anu katémbong nuansa étnikna téh ngan dina pakéan pangantén jeung kolotna hungkul nyaéta pakéan tradisional Lampung. Kuring jadi sono hayang nyaksian upacara adat Sunda dina kawinan. Kasona rada kaubaran lantaran minggu kamari kuring karék meuli buku Panggelar Sastra karya bapa Drs. Ahmad Hadi, terbitan Pamulang Tangerang, taun 2004, dimana di jerona aya conto biantara seserahan dina adat Sunda. Kieu conto biantara masrahkeun calon pangantén lalaki téh:



Assalamu ‘alaikum wr. wb. Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah. Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah. Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur. Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat muslim. Atuh kalihna ti éta, urang ngariung téh seja nyakséni kalayan ngadorong ku du’a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi. Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin. Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan. Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin. Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya, wiréhna pun anak Cép Tata dongkapna ka dieu



diwuwuh ku parasepuh, duriung ku wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidu’a, kantenan sanés lantung tambuh laku sanés léntang tanpa béja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wiréhna kapungkur sabadana pun anak, Cép Tata, patepang anu munggaran sareng Néng Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Néng Titi apan sakitu sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi éndahna bawa ti kudrat. Dedeg sampé rupa hadé. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cép Tata teras kagémbang kapéngpéongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik naék, itu purun ieu daék, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami. Dina danget ieu, Cép Tata téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru ka balé nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung. Dina ieu kasempetan, kalayan kasakséni ku wargi-wargi, ogé diwuwuh ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun anak, Cép Tata, ka ramana Néng Titi, pangersana Bapa Sastra Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu. Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Néng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku sepuhna nyanggakeun Cép Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu. Kalihna ti éta, Cép Tata dongkapna ka dieu téh éstuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu wé saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol. Numawi Cép Tata teras ngaréka sisindiran: Karéta nyorang tanjakan jalanna maju ka kidul. (Wios) Cép Tata teu cacandakan, asal étana bedegul.



Saur Cép Tata, éta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging éstu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipaké pamikul bengkung, dianggo pangérét bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun wé ka dieu. Manawi di dieu mah tiasa dimangpaatkeun ku Néng Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga. Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Néng Titi, wiréhna Cép Tata téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah éstuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sanés rigig santri, dirérét tina légégna sanés légég Bapa Lebé, masih kénéh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya. Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rébo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. Éstuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Éta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapésér duka kaén sacewir. Éta mah haturan waé kanggo Néng Titi, tamba isin ngaligincing. Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cép Tata sareng Néng Titi, hidep duaan téh mangrupi sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bébér layar tarik jangkar, ngarancana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rék muru ka balé nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga. Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.



Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padésaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun. Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana. Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb