Sawer Panganten [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

SAWER PANGANTEN



Kapara tamu sadayana Warga wargi nu araya Abah nyelang nyawer heula Antosan da moal lila Ujang nyai sami gandang Sami calik dina ranjang Ujang masih keneh bujang Nikah kanu geulis lenjang Ujang teh perlu bisa Siga cara abah ka ema Ayeunamah geus waktuna Mindeng ge moal doraka Lamun meneran parawan Rada hese mamatahan Ku Sabab can pangalaman Ujang kudu lalaunan Tapi mun ujang ka randa Tangtu moal lila-lila Molompong moal sulaya Lantaran urut baheula Bisi bojo udah-aduh Mangkade ulah geruh Hudang bae subuh-subuh Da moal karasa tunduh



Mun si nyai geus ngalempreh Ujang omat ulah leweh Sanajan nepi kasoeh Can aya nu tuluy paeh Lamun bojo keur bungkiang Omat ujang ulah hariwang Keureuyeuh wae titukang Dedetkeun wae sing tenang Nyai teh kedah ngartikeun Mun caroge geus hayangeun Ku nyai geuwat berekeun Bari rada diburukeun Lamun nyai keur di gawe Mangkade sing hade gawe Itung-itung mayar gawe Ngarah ngeunah kana hate Mimiti mah rada nyeri Nepi kana sirah nyai Tapi mun enggeus sakali Tangtu matak menta deui Poman nyai ulah talangke Kudu emut ka caroge Kujalan masihan gawe Najan caroge tas balik gawe Sakitu bae ti abah Mangkade ulah gareuwah Tangetkeun ulah gagabah Ngarah caroge teu seuhah