Teori Menyimak Makalah [PDF]

  • 0 0 0
  • Suka dengan makalah ini dan mengunduhnya? Anda bisa menerbitkan file PDF Anda sendiri secara online secara gratis dalam beberapa menit saja! Sign Up
File loading please wait...
Citation preview

PANGANTEUR Puji sinareng sukur urang ronjatkeun ka Gusti Allah, nu parantos maparin rahmat sarta karunia-Na ka urang sadaya. Ku kituna, panulis bisa ngaréngsékeun ieu makalah kalawan jejer “Hakékat Ngaregepkeun Jeung Pentingna Ngaregepkeun”. Ieu makalah eusina ngaguar ngeunaan strukturalisme dina sastra sunda. Di piharep ieu makalah bisa méré mangpaat pikeun urang sadaya utamana dina widang kasusastraan Sunda. Panulis miharep ayana saran jeung kritikan nu sipatna ngawangun.



Panulis



BAB I BUBUKA



1.1 Kasang Tukang Kaparigelan basa sunda diwangun ku opat aspek, nyaéta ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis. Éta kaparigelan téh mangrupa totalitas pamahér anu gumulung atawa gembleng teu bisa dipilah pilah deui. Saurang jalma dianggap ngabogaan kaparigelan basa lamun éta jalma téh parigel ngaregepkeun, maca, nulis jeung nyarita. Ngaregepkeun mangrupa hiji kagiatan ngadenge jeung nyangkem informasi anu di tepikeun ku batur. Kaparigelan ngaregpkeun penting pisan pikeun urang salaku mahasiswa kusabab, urang bisa nyangkeum informasi anu di dugikeun ku batur sacara leuwih alus jeung jentre. Dina ngaregepkeun aya hakékat-hakékat anu kudu ku urang pikanyaho. Salian ti éta, urang kudu mikanyaho pentingna kaparigelan ngaregepkeun. Dina makalah ieu baris di pedar ngeunaan hakékat jeung pentingna kaparigelan ngaregepkeun 1.2 Rumusan Masalah 1 .Kumaha hakékat ngaregepkeun? 2.Naon pentingna kaparigelan ngaregepkeun?



1.3 Tujuan 1. Pikeun Mikanyaho ngeunaan kumaha hakékat ngaregepkeun jeung 2. Naon pentingna kaparigelan ngaregepkeun



1.4 Mangpaat Mangpaat ieu makalah nyaéta pikeun meré informasi ngeunaan kumaha hakékat ngaregepkeun jeung naon pentingna kaparigelan ngaregepkeun .



BAB II PEDARAN/EUSI



2.1 Hakékat Ngaregepkeun Ngaregepkeun mangrupa hiji kaparigelan basa nu miboga sipat réséptif, bareng jeung maca. Ngaregepkeun ngandung harti anu béda jeung ngadéngékeun, sora nu kadéngé can tangtu bisa karegepkeun sedengkeun ngaregepkeun mah tangtu bari kudu ngadéngé éta sora.. 2.1.1



Harti jeung Ta’rif Ngaregepkeun Kecap ngaregepkeun kaasup kecap kompléks tina regep diwuwuha simulfiks N-keun. Di sagédéngeun kecap ngaregepkeun aya kecap regepkeun jeung saregep. Kecap regepkeun ngandung harti imperatif (panitah) sangkan siswa saregep, benerbener museurkeun aniténna, pikiranana, kana hal atawa masalah, materi regepan anu keur atawa rék dipedar. Dina prosés ngaregepkeun, situasi méntal paregep éstu daria, enya-enya enggoning ngabandungan pedaran pawicara. Saregep mangrupa kagiatan méntal anu gedé pangaruhna kana kadar hasil regepan. Jalma anu saregep nyaéta jalma anu enya-enya, daria, soson-soson migawé atawa ngaregepkeun naséhat, pedaran élmu, atawa naon baé kalawan henteu kagémbang atawa kaganggu ku hal-hal séjénna anu bisa nguragan ajén daya regep. Dina kagiatan ngadéngé, nguping atawa mireng, euweuh unsur dihaja, komo deui direncanakeun. Dina kagiatan ngadangukeun atawa ngadéngékeun mah geus aya unsur dihaja jeung miboga tujuan/rencana, tapi can aya unsur maham. Sedengkeun dina kagiatan ngaregepkeun geus aya unsur dihaja, tujuan/rencana, jeung maham. Tarigan (1987:28) nyebut yén ngaregepkeun téh hiji prosés, ngadéngékeun lambanglambang lisan, maham aprésiasi, jeung interpretasi pikeun nyangkem informasi, nyangkem eusi atawa pesan sarta maham ma’na komunikasi nu ditepikeun ku panyatur ngaliwatan basa lisan. Kaparigelan ngaregepkeun mangaruhan kaparigelan basa. Ceuk Sriyono (2009) ngaregepkeun miboga peran : (1) kaprigelan ngaregepkeun mangrupa dasar penting pikeun kaparigelan nyarita, sabab tina ngaregepkeun, eusi nu kacangking bisa dikedalkeun; (2) kaparigelan ngaregepkeun jadi dasar keur kaparigelan maca jeung



nulis; (3) penguasaan kosakata nalika ngaregepkeun bisa mantuan kaparigelan maca jeung nulis. 2.1.2



Tujuan Ngaregepkeun Tujuan atawa maksud ngaregepkeun rupa-rupa, gumantung kana sipat jeung kaayaan. Upama dipasing-pasing mah, tujuan ngaregepkeun téh bisa digolongkeun jadi lima rupa, diantarana: 1. Nyangkem informasi; 2. Ngumpulkeun data sangkan bisa nyieun kaputusan nu hadé; 3. Sangkan bisa méré réspon nu leuwih merenah kana naon nu kadéngé; 4. Sangan hubungan papada jalma leuwih éféktif; 5. Nangkep eusi caritaan, tina hubungan prosés diajar. Lian ti tujuan nu di luhur, ngaregepkeun miboga tujua lian diantarana nyaéta: 1.



Ngaregepkeun keur diajar. Jalma ngaregepkeun sangkan meunang pangaweruh tina matéri nu dikedalkeun ku pawicara.



2. Ngaregepkeun keur kaéndahan audial. Jalma ngaregepkeun kalawan museur kana kani’matan ka hiji hal tina matéri nu dicaturkeun atawa nu didéngékeun 3. Ngaregepkeun keur ngaévaluasi. Jalma ngaregepkeun kalawan tujuan ngajén hiji hal. 4. Ngaregepkeun keur méré aprésiasi. Jalma ngaregepkeun pikeun méré pangajén kana matéri nu diregepkeun. 5. Ngaregepkeun keur nepikeun pamadegan. Jalma ngaregepkeun sangkan bisa nepikeun pamadeganna kalawan bener jeung akurat. 2.1.3



Ngaregepkeun Mangrupa Hiji Prosés Aya tilu rupa kagiatan ngaregepkeun anu kudu meunang panitén sangkan prosés ngaregepkeun bisa lumangsung. Kahiji, kaparigelan museueekeun pantén paregep. Tanpa kaparigelan museurkeun panitén paregep, idéntifikasi sora-sora basa moal sampurna kata téa kudu ngabogaan harti. Kadua, kudu ngabogaan pangaweruh ngeunaan élmu basa sangkan bisa méré harti kana bahan atawa wacana regepan. Tahapan ngaregepkeun ceuk Logan (1972:39) aya opat, dintarana: 4 sebagai berikut. Hearing (ngadéngé, mireng, ngadangu) Understanding (maha, nyangking, nyangkem) Evaluating (méré ajén, ngajén) jeung Responding (ngaréaksi). Michael Rost (1991: 4 - 5) nyebutkeun yén paregep kudu miboga kamampuh:



1. Ngabédakeun sora-sora. 2. Nyusun engang-engang/suku kecap jadi kecap. 3. Ngaidéntifikasi kelompok-kelompok kecap. 4. Ngaidéntifikasi unsur-unsur pragmatic. 5. Merhatikeun aspék-aspék linguistik jeung paralinguistik jeung aspék-aspék di luar linguistik. 6. Ngamangpaatkeun pangaweruh. 7. Maham kecap-kecap jeung gagasan atawa ide-ide pokok nu ditepikeun. 2.1.4



Kamampuh Ngarojong Ngaregepkeun a) Kamampuh museurkeun panitén mangrupa kagiatan museurkeun karep atawa hasrat, kahayang, pikiran jeung rasa kana objék nu geus jinek. b) Kamampuh nagkep sora, nyaéta kagiatan ngawanohkeun, ngaidéntifikasi jeung nangkep sora basa. c) Kamampuh linguistik, nyaéta kaparigelan nyangking atawa ngawasa kaédahkaédah basa. d) Kamampuh nyieun vérifikasi nyaéta kamampuh atawa kaparigelan nguji, méré ajén, ngabandingkeun amanah-amanah nu katarima. e) Kamampuh



ngaréspon



atawa



ngaréaksi



nyaéta



kaparigelan



nyumponan



pameredih, narjamahkeun, ajakan atawa harepan pangregep. f) Kamampuh nginget mangrupa kaparigelan ngaregepkeun data, informasi jeroning méntal sarta ngaréproduksi deui lamun kawilang perlu. 2.2 Pentingna Kaparigelan Ngaregepkeun Kaparigelan ngaregepkeun penting kapibanda ku saha baé anu boga karep hayang meunang atawa aya kahayang nambahan pangaweruhna. Kamajuan dina widang élmu pangaweruh jeung téhnologi, utamana dina widang komunikasi, baris mangaruhan kamampuh ngaregepkeun. Diperedih ku ayana téhnologi, kamampuh ngaregepkeun hiji jalma bisa ngaronjat. Ngaregepkeun kacida pentingna jeung kacida poténsialna pikeun nambahan pangaweruh dina prosés diajar-ngajar. Prosés ngaregepkeun salawasna lumagsung dina sagala rupa jeung maem atikan. Ngaregepkeun jeung nyarita mangrupa cikal bakal manusa embung katinggaleun jaman. Ngaregepkeun mangrupa kaparigelan dasar tina sakumna kaparigelan basa séjénna.



BAB III PANUTUP 3.1 Kacindekan Ngaregepkeun mangrupa salah sahiji kaparigelan basa nu kacida pentingna. Dina prosés ngaregepkeun, aya sawatara tahapan nu kudu kaliwatan, nyaéta miréng, nguping; nyangkem, nyangking; méré ajén; jeung ngaréaksi. Kamampuh anu kudu dipiboga dina prosés ngaregepkeun diantara nyaéta kamampuh museurkeun panitén kana hiji hal,kamampuh linguistik jeung nonlinguistik, kamampuh ngayakeun vérifikasi, kamampuh ngaréspon, jeung kamampuh nginget-nginget. 3.2 Saran Dina prak-prakan ngaregepkeun, urang salaku mahasiswa hadénamah kudu bisa ngaronjakeun kamampu kaparigelan urang dina ngaregepkeun.



DAFTAR PUSTAKA Haerudin, Dingding jeung Agus Suherman. 2013. Panganteur Kaparigelan Ngaregepkeun. Bandung: JPBD FPBS UPI. Nurhayani, Isma. 2010. Pengaruh Penggunaan Metode Bercerita Terhadap Kemampuan Menyimak Siswa Pada Mata Pelajaran Bahasa Indonesia (Jurnal). Garut: Universitas Garut. Setiawati,



Lis.



Tanpa



tahun.



Hakikat



Menyimak.



Tersedia.



http://www.pustaka.ut.ac.id/lib/wp-content/uploads/pdfmk/PBIN4105-M1.pdf (online).